| Kalungguhan Istri dina pernikahan |
|
|
|
| Ditulis oleh Pdt. Gideon Masri |
| Selasa, 16 Juni 2009 09:13 |
|
Bahasan anu kalangkung ngajar ka urang; supados urang henteu ngamomorekeun pernikahan, sawangsulna urang kedah ngamumule pernikahan, kumargi pernikahan mangrupikeun rancangan Gusti Allah kumanten, Gusti Allah kagungan kapentingan dina pernikahan. Dina edisi ayeuna, akang bakal neraskeun bahasan salajengna, masih dina wengkuan pernikahan numutkeun pangandika Allah, sakumaha anu kaunggel dina kitab Kajadian 2 ayatna anu ka 21-22 anu nyanggemkeun: “Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.” Ngalangkungan ayat ieu, urang menakan sababaraha hal penting anu bakal ku akang dibahas kangge para maos sadaya, hal anu masih aya patalina sareng dadasar pernikahan. (1). Istri teh dina wengkuan rumah tangga mah, sanes jalmi anu sanes tapi bagian ti salira salaki. (2). Istri teh dicandakna tina tulang iga lalaki sanes tina bagian tulang anu sanesna. Naon ieu pihartoseunana? Mangga urang pedar hiji-hiji: 1. Istri teh dina wengkuan rumah tangga mah, sanes jalmi anu sanes tapi bagian salira ti salaki keneh. Di lingkungan masyarakat urang, nyondong istilah anu patalina sareng rumah tangga, nyaeta istilah: “Popotongan”. Ari nu dimaksud sareng popotongan didieu, nuduhkeun sae ka pameget atanapi ka istri anu kapungkurna kantos janten salaki atanapi pamajikan. Memang di lingkungan urang, sering pisan nguping istilah Popotongan ieu. Kumargi seueur pisan pasangan rumah tangga anu pepegatan. Anu jadi akar masalah jeung persoalanana, biasana kumargi aranjeuna teu tiasa ngarengsekeun masalah jeung persoalan rumah tangga anu dipayunan. Pasangan rumahtangga anu teu tiasa ngarengsekeun masalah rumah tanggana, ahirna angkat ka pangadilan agama kangge ngagugat pernikahanana nyalira kangge pepegatan atanapi cerai. Para maos, urang tiasa ngetang pernikahan-pernikahan anu ahirna pepegatan kitu, estu seueur pisan. Ti ngawitan pasangan pernikahan para selebriti dugi pa pasangan pernikahan para pajabat. Kantenan pasangan istri pameget rahayat biasa mah tos teu kaetang deui seuseurna, kumargi kajadian perceraian di kalangan masyarakat, tara disorot ku masmedia. Para maos hal ieu mangrupikeun salahsahiji bukti yen seueur pisan pasangan pernikahan di masyarakat urang anu ahirna pepegatan atanapi cerai. Hal ieu anu ngabalukarkeun langkina urang mendakan pasangan pernikahan, ti parawan sareng bujang, tetep langgeng dugi ka pakotrek iteuk anu hartosna awet langgeng nepi ka sepuh. Tangtos dina emutan urang timbul patarosan: “Kunaon margina seueur pernikahan anu burantakan”? Para maos, numutkeun pamendak akang mah, laku lampah jalma anu ngajalan pernikahan samodel kitu teh, balukar pemahaman perkawis pernikahan anu teu jelas. Aranjeuna teu kagungan pemahaman perkawis pernikahan anu saleresna numutkeun pangandika Allah. Hal eta anu ngabalukarkeun, teu sakedik di lingkungan masyarakat urang anu henteu asa-asa ngalakukeun kawin cerai. Malah nyondong anu kantos kawin cerai dugi ka belasan kali sagala. Dimana-mana aya popotongan, dimana-mana aya murangkalih. Murangkalih ti popotongan anu itu, murangkalih ti popotongan anu ieu, dimana-mana jalmi nyanggemkeun; tah di kampung ieu aya patilasan indungna barudak, tah diditu aya patilasan bapana barudak jeung saterusna. Para maos, memang ari salaki atanapi pamajikan mah, sareatna putra deungeun-deungeun, putra mitoha kasebatna. Janten dina hal ieu, salaki atanapi pamajikan, kawitna jalmi anu sanes, nyaeta putra deungeun-deungeun tea. Tapi upami urang merhatoskeun katangtosan pangandika Allah, numutkeun kitab kajadian. Nalika Gusti Allah ngawangun pernikahan anu munggaran, nyaeta pernikahan Adam sareng Hawa; Hawa anu janten istrina Adam, kawitna dicandak tina tulang igana Adam nyalira. Jadi Hawa teh sasatna tulangna tulang Adam. Dagingna oge daging Adam. Hal ieu negeskeun ka urang sakaligus oge mangrupikeun katangtosan Ilahi anu teu tiasa dipungkiri dina soal pernikahan. Yen anu jadi istri teh dina wengkuan rumah tangga mah, sanes jalmi anu sanes deui, sanes putra deungeun-deungeun deui, tapi saestuna bagian tina salira anu jadi salakina pon kitu oge sabalikna. Para maos, katangtosan ieu sayaktosna lumaku sacara rohani dugi ka ayeuna, yen anu jadi istri teh mangrupikeun bagianana tina kahirupan salaki. Hawa anu jadi istrina Adam teh, sayaktosna tulangna Adam keneh, dagingna Adam keneh, malah getihna oge getihna Adam keneh. Kumargi dina katerangan kitab Kajadian 2:21-22 kalayan teges nyanggemkeun: “Sabot Adam sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.” Hal ieu negeskeun ka urang, sanaos istri teh sasatna putra deungeun-dengeun, namung dina wengkuan pernikahan, Istri pameget teh mangrupikeun dua pribadi anu masket manunggal. Hartosna dua pribadi anu teu tiasa dipisahkeun ku naon bae kajaba ku maot. Para Maos, gambaranana lir ibarat dua lembar kertas anu dirapetkeun ku elem anu namina elem pernikahan, dua lembar kertas eta teu tiasa dipisahkeun deui dina kaayaan utuh, upami dipaksa dipisahkeun, pasti jadi soweh. Kitu oge dina pernikahan, eta margina Gusti Yesus nyanggemkeun: “Waler Yesus, "Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? Jeung Allah nimbalan, 'Ku hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.' Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa." (Matius 19:4-6). Para maos, saurang Salaki dina pernikahan kedah mampu ninggal yen istrina ten sanes putra deungeun-deungeun deui, tapi istrina teh salaku bagian tina dirina nyalira anu kedah dipikaasih jeung dipikanyaah sakumaha salaki nyaah ka dirina. Rasul paulus nyanggemkeun dina kitab Efesus “Nya kitu salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. (Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara, cara Kristus ka gareja; sabab urang teh anggahota salira Anjeunna.) Ceuk Kitab Suci, "Ku sabab kitu lalaki teh bakal ninggalkeun indung bapana, terus ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana bakal jadi hiji." Ieu ayat teh ngandung harti anu jero, anu ku sim kuring dipakaitkeun jeung hal satunggalna Kristus jeung gareja. Jeung aranjeun oge eta ayat teh aya pakaitna, nya eta: Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki. (Efesus 5:28-33). Paramaos, dua pribadi anu dihijikeun dina pernikahan, dina paninggal Gusti Allah nyaeta dua pribadi anu nunggal, anu teu kenging dipisahkeun kecuali dipisahkeun ku maot. Eta margina dina kitab kajadian 2:24 pangandika Gusti nyanggemkeun: “...lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal”. Salaki boh pamajikan, sami-sami kedah kagungan pemahanan anu sami yen anu jadi salaki boh pamajikan teh mangrupi bagian tina kahirupanana anu teu tiasa dipisahkeun jeung henteu tiasa dimomorekeun. Para maos memang dina kieuna, mung jalmi anu gelo anu nyiksa dirina nyalira, hartosna urang sami sareng jalmi anu gelo upami urang ngamomorekeun pernikahan. Para maos, dina sakramen pernikahan, saurang pendeta sateuacan neguhkeun jeung ngaberkahan pasangan pernikahan; anjeuna bakal naros ka pasangan panganten eta, sae ka panganten pameget pon kitu oge ka panganten istri. Biasanya patarosanana kieu: “Saderek, ................(nami panganten pameget.......) Naha Hidep ngangken di dieu dipayuneun Gusti Allah kalayan disaksian ku kadua beulah sepuh hidep sareng para sesepuh jamaah, pon kitu deui para jamaah yen Hidep bade nyadak sareng ngajantenkeun saderek ..................(nami panganten istri........) salaku istri Hidep, kalayan jangji, moal rek ninggalkeun anjeuna, sabalikna bakal mikanyaah, mikadeudeuh mikacinta, ngabimbing, ngabayuan ku sandang sareng ku pangan sareng moal rek ninggalkeun sae dina kaayaan susah atanapi senang dugi ka maot anu misahkeun hidep? Kumaha Waleran Hidep? Panganten bakal nyanggemkeun “Sumuhun abdi jangji”. Saparantos pendeta naros ka panganten pameget, pendeta bakal naros oge ka panganten istri ku patarosan anu sami, tur diwaler ku waleran anu sami: “Sumuhun abdi jangji”. Paramaos, waleran eta mangrupikeun jangji di payuneun Gusti yen pasangan panganten moal rek pepegatan dugi ka maot anu misahkeun. Jangji eta saleresna pisan sapuk sareng pangersa Gusti, kumargi dina pernikahan anu munggaran oge tos dipintonkeun yen istri pameget teh mangrupikeun dua pribadi anu asalna satunggal, eta margina kedah satia salalamina, kedah kagungan komitmen kangge salamina silih pikaasih, kangge salamina silih pikanyaah. Dina soal hak jeung kawajiban anu jadi salaki pamajikan, Rasul Paulus dina suratna anu dikintunkeun ka jamaah anu aya di kota Korintus anjeuna nganasehatan kieu kieu: “Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun. Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana.” (1 Korintus 7:3-4) Rasul Paulus nganasehatan kitu, tangtosna kumargi didasaran ku pangartosan yen istri pemeget teh dina wengkuan rumah tangga mah tunggal sabadan, eta margina teu kenging silih nyerikeun, sabalikna kedah sami-sami layanan hiji sareng anu sanesna. 2. Istri teh dicandakna tina tulang iga sanes tina bagian tulang anu sanesna. Para Maos, numutkeun katerangan kitab kajadian 2:21-22, dijantenkeunana saurang istri teh nyaeta tina tulang igana lalaki “Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.” (Kajadian 2:21-22). Numutkeun ayat ieu, jelas pisan yen Hawa teh didamelna tina tulang iga Adam. Naha kantos para maos ngemut, kunaon margina Gusti Allah ngajantenkeun Hawa tina tulang iga? Naha Gusti teu tiasa nyandak bagian tulang anu sanesna? sapertos tulang sirah atanapi tulang sampean? Naha tina tulang iga? Para Maos, Tulang iga, urang terang, mangrupikeun tulang anu pangcaketna sareng jajantung, tulang iga malah tiasa disebatkeun salaku tameng jajantung anu mangrupikeun organ tubuh anu pangpentingna. Kumargi ayana tulang iga, jantung tiasa sacara laluasa ngarenghap dina satiap waktosna. Bayangkeun upami teu aya tulang iga, pasti upami nuju dipasar urang pasesedek lajeng kadempet, eta jantung bakal ngiring kagencet anu antukna janten henteu tiasa ngarenghap. Naon makna rohanina kangge urang? Hartosna nyaeta yen Saurang istri, tos ditangtoskeun ku Gusti Allah kangge janten saurang penolong, sakumaha anu kaunggel dina kitab kajadian 2:18 “GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan." Dina bahasa Indonesia mah disebatkeun: “... Aku akan menjadikan penolong baginya, yang sepadan dengan dia." Para Maos, cobi perhatoskeun; dina bahasa Indonesia disanggemkeun saurang istri teh didamelna kalayan tujuan kangge janten saurang penolong. Hal ieu sapuk sareng bahan dasar anu dijadikeun saurang istri tea nyaeta tina tulang iga, anu pungsina nyaeta kangge janten pelindung jajantung. Saurang istri biasana sok dipasihan kasurtian anu langkung atanapi kapekaan anu langkung kana pibahayaeun dibandingkeun sareng saurang pameget. Tampolana, saurang pameget tiasa disalametkeun tina bahaya kacilakaan ku nasehat istrina, sabalikna saurang pameget tiasa cilaka upami henteu merhatoskeun nasehat anu jadi istrina. Dina kacilakaan pesawat Boeing 737-400 kagungan perusahaan Garuda rute Jakarta Yogyakarta dina dinten Rebo kaping 7 sasih Maret 2007 anu kalangkung di lapangan terbang Adi Sucipto Yogyakarta, aya saurang bapa-bapa ti sasabaraha urang anu janten korban kabeuleum, numutkeun kasaksian istrina anu diserat dina surat kabar Pikiran Rakyat; malah oge diwawancara ku salahsahiji TV swasta. Saur istrina, saleresna carogena tos diajak angkat sasarengan dina dinten salasa kamarina sadinten sateuacan kacilakaan, namung carogena henteu kersa tumut kana pangajak anu janten istrina, anjeuna keukeuh angkat mandeurikeun maneh dina dinten rebona. Ahirna si bapa ieu, janten korban kacilakaan pesawat garuda eta. Upami si bapa ieu nurut kana nasehat anu jadi istrina, tangtos anjeuna bakal salamet sakumaha istrina salamet dina penerbangan dinten salasana. Para Maos, tah eta anu dimaksad ku akang yen salah sahiji tugas istri teh nyaeta menolong. Nolong nganasehatan pibahayaeun anu bakal kasorang. Dina hal ieu saurang caroge kedah kagungan kapekaan newak pirasat ti anu jadi istrina. Para maos, utamina para pameget, ulah heran upami istri oge sok nampi pirasat teu hade dina waktos urang hirup nyeleweng sareng istri anu sanes, sanaos teu aya anu ngawartosan, batinna pasti aya sinyal teu hade anu ngawartosan anjeuna, naha tiasa kitu? Kumargi istri bahan dasarna didamel tina tulang anu pangcaketna kana hate. Hartosna langkung peka kana rupa kajadian anu nuju dijalanan. Para Maos, bahasan tambihan anu sanesna; Kunaon istri henteu didamel tina tulang sampean? Tulang sampean, sakumaha ku urang kauninga nyaeta hiji tulang anu nanggung sadaya momotan salira. Saurang Istri henteu didamel tina tulang sampean. Dina hartos rohanina; saurang istri tugas utamina sanes kangge nanggung jeung nyumponan kaperyogian ekonomi kulawarga, henteu pantes istri tihothet milarian kipayah sedengkeun carogena ngalintrik. Sanaos henteu lepat saurang istri ngiring ngabantos nyumponan kaperyogian rumah tangga. Tapi anu janten tugas utami nyumponan sadaya kaperyogian rumah tangga nyaeta pameget, tugas istri dina soal hal ieu mung pengelola hasil anu dikengingkeun ku carogena. Rasul Paulus dina seratna ka jamaah anu ka di kota Tesalonika anjeuna nyanggem kieu: “Bareto basa keur di dieu keneh geuning sim kuring biasa sok ngomong kieu, "Nu embung digawe mah tong dibere dahar!" Ngomong kitu soteh lantaran ngadenge carita yen di aranjeun aya jelema-jelema anu kedul, anu gawena taya lian ti ngan ngarerecok urusan batur. Ka jelema anu kitu, kalawan asmana Gusti Yesus Kristus sim kuring meredih jeung ngelingan kudu hirup tartib jeung kudu daek baranggawe keur kipayah hirupna. (2 Tesalonika 3:10-12). Istri, henteu didamel tina tulang sampean, ieu oge hartosna yen istri teh sanes kangge tincakeun, sanes mung kangge alas pemuas nafsu wungkul. Rasul Petrus dina seratna nyanggemkeun kieu “Sabalikna deui aranjeun nu jadi salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah. Ajenan, da pamajikan jeung aranjeun teh samilik reujeung, bakal dipaparin kanugrahaan hirup anu sajati ti Allah. Tah kudu kitu, supaya ari aranjeun neneda ka Allah ulah aya anu matak jadi halangan. (1 Petrus 3:7) Dina ngayakeun sapatemon, rasul Paulus nyanggemkeun dina kitab 1 Tesalonika ‘Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes, (I Tesalonika 4:4). Para Maos patarosan salajengna; Kunaon saurang istri ku Gusti Allah henteu didamel tina tulang sirah? Kumargi tulang sirah ayana dina mastaka. Hartos rohanina: Surang istri teu kenging jadi kepala rumah tangga, sanaos mungkin sacara pengetahuan langkung luhur ti batan carogena. Tetep anu janten kepala rumah tangga etep tnyaeta salakina. Upami hal eta dilanggar, balukarna eta rumah tangga bakal mayunan masal jeung persoalan. Para Maos, Rasul Paulus ka jamaah anu aya di kota Efesus maparin pesen kangge para istri patalina sareng bahasan akang ieu; anu kieu unggelna: “ Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus. Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun. Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus. (Efesus 5:22-24). Para Maos samemeh akang mungkas bahasan ieu, sakali deui akang ngemutan, numutkeun pangandika Allah dadasar rumah tangga anu ka (1). Istri teh dina wengkuan rumah tangga mah, sanes jalmi anu sanes tapi bagian salira ti salaki keneh. Anu ka (2). Istri teh dicandakna tina tulang iga sanes tina bagian tulang anu sanesna. Tah ieu dadasar rumah tangga anu leres. Naha rumah tangga paramaos tos diadegkeun dina dadasar anu leres ieu? Mugi Gusti ngaberkahan Para Maos sadaya. |
Meja Redaksi
Shalom, sahabat-sahabat eKasih
Puji Tuhan, sesuai dengan rencana maka mulai tanggal 5 Mei 2009 ini eKasih tampil dengan wajah yang lebih segar. Kami tahu bahwa ini masih perlu penambahan penambahan yang lebih baik lagi. Untuk itu setiap hari kami akan terus memperbaiki isi dari eKasih sehingga benar-benar dapat berguna dan menjadi berkat buat kita semua.
Sahabat yang rindu membantu pelayanan ini dapat mengirimkan bantuan ke rekening ekasih a/n Khristianto, no rek BCA 2671462001, bantuan berupa barang yang ingin disalurkan untuk memberkati banyak orang dapat dikirim ke alamat kami di Jl. Bengkulu Kav 434/M Cinere, Limo - Depok 12415.







Dina rohang kulawarga edisi anu kalangkung, akang parantos ngabahas hal anu patalina sareng dadasar pernikahan; 1. Pernikahan teh sanes mung sakadar kangge minuhan tungtutan budaya. 2. Pernikahan oge sanes mung sakadar kangge nyumponan tungtutan biologis atanapi birahi. 3. Pernikahan oge sanes mung sakadar kangge ngengingkeun katurunan. Tapi pernikahan teh mangrupikeun rancangan atanapi program Gusti Allah kumanten. 



























