You are here > Home e-Sunda Pernikahan Sanes mung sakadar
Sat 31 Jul 2010
Pernikahan Sanes mung sakadar PDF Cetak Surel
Ditulis oleh Pdt. Gideon Masri   
Rabu, 20 May 2009 08:58

Kajadian 2:18-25

---------------------------------------------------------

18 GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan." 19 Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing. 20 Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.

 

21 Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. 22 Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa. 23 Seug eta lalaki teh ngucap kieu, "Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. 'Awewe' bakal disebutna, sabab asal ti lalaki." 24 Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal. 25 Boh nu lalaki boh nu awewe duanana taranjang tapi teu ngarasa areraeun.


1. Pernikahan sanes mung sakadar: kangge cumpona tungtutan budaya.

Seueur pisan jalmi anu ngalakukeun pernikahan bari jeung henteu ngartos sacara pasti naon hartosna pernikahan eta. Kumaha sakedahna ngajalan pernikahan. Diantawisna nyondong anu ngalakukeun pernikahan mung sakadar kangge minuhan tungtutan budaya; kumargi isin disebat salaku “Parawan jomlo” kangge saurang istri anu teu nikah, atanapi “bujang lapuk” kangge saurang pameget. Malah disababaraha daerah, aya anu dianggap can jadi jelema upami saurang jalmi anu teu acan nikah. Ku hal eta seuer ibu sareng rama anu ngaraos isin upami di bumina kagungan parawan anu tos dewasa tapi teu acan nikah-nikah bae. Malah nyondong diantawisna para sepuh anu kanggungan paraosan, ngaraos hina upami kagungan putra teu acan nikah bae: Malah katinggalna leuwih ngarasa boga ajen hirupna, ditengah-tengah masyarakat upami putrina tos janten randa tibatan kagungan parawan dewasa anu teu acan nikah bae. Kumargi hal eta, seueur jalmi anu kapaksa nikah kumargi tungtutan budaya. Saur paripaosna, “teu nanaon najan nikah isuk pepegatan sore oge, asal tos ngajalan nikah”. Tangtos pernikahan samodel kitu, sanes hiji pernikahan anu hade sakumaha pernikahan anu dirancang ku Gusti Allah.

2. Pernikahan sanes mung sakadar: kangge nyumponan tuntutan nafsu birahi.

Nyondong jalmi anu ngajalan nikah, (ngawangun rumah tangga) kumargi mung sakadar kangge nyumponan tungtutan biologis. Ari hartosna tungtutan biologis teh nyaeta, hiji tuntutan kangge nyumponan kaperluan dorongan birahi ti saurang jalmi naha istri atanapi pameget. Pernikahan anu mung didasaran ku tungtutan biologis kitu, biasana nganggap pernikahan mung kangge nyumponan pangabutuh napsu birahi wungkul. Ceuk pamikirna ‘Tibatan lacur jeung batur mending ngarumah tangga’. Jalmi anu ngarumah tangga dasarna samodel eta, bakal gampil pisan nyeleweng atanapi gampil pisan ngalakukeun dosa zinah dina pernikahanana, utamina upami pasanganana tos henteu nyugemakeun deui dina soal nyumponan pangabutuh birahi eta.

Kahirupan rumah tangga anu samodel kitu, tos mangrupikeun kahirupan rumah tangga anu henteu suci beresih deui dipayuneun Gusti Allah. Kahirupan rumah tangga anu tos henteu suci beresih kumargi ayana dosa zinah, otomatis moal aya deui kasugemaan sareng kaharmonisan; anu ahirna urang tos tiasa nebak rumah tangga samodel kitu bakal jadi kumaha engkena; rumah tangga samodel kitu ahirna pasti kabal dipungkas ku pepegatan. Upami dina henteuna oge, eta rumah tangga eta pasti bakal jadi hiji rumah tangga anu awet rajet.

3. Pernikahan sanes mung sakadar: “kangge ngengingkeun katurunan.

Nyonong oge jalmi anu ngawangun rumah tangga kumargi hiji harepan, nyaeta hoyong kagungan katurunan. Jalmi anu ngawangun rumah tangga samodel kitu, saleresna didasaran ku sipat mentingkeun diri sorangan. Tujuan dasarna nyaeta supaya engke dina mangsa tos sepuh aya anu ngurus kahirupanana, diurus ku putra-putrana. Kahirupan rumah tangga anu didasaran ku tujuan mentingkeun diri sorangan, biasana dina ngajalanana bakal pinuh ku pacekadan, pinuh ku masalah jeung persoalan. Kumargi tujuan hirupna dina ngarumahtangga mung kangge kapentingan diri sorang. Jalma anu kitu, salamina bakal nungtut jeung nungtut, upami tungtutanana teu kacumponan, bakal ngambek , pundung sareng baruntak. Contona: upami anjeuna nungtut dilayanan, nungtut disugemakeun jeung sajabana, upami hal eta sadaya teu kacumponan, pasti bakal bendu. Dina soal patalina sareng katurunan, upami anjeuna saurang istri boh pameget, pasti bakal ngajadikeun persoalan teu kagungan katurunan eta janten alesan anu kuat kangge pepegatan. Jalmi anu ngabogaan pandangan hirup samodel kitu, boga anggapan yen rumah tangga teh lir ibarat hiji kebon. Kumargi rumah tangga diibarakeun hiji kebon, Upami kebon henteu ngahasilkeun, nya lewih hade dijual atawa ditinggalkeun. Eta margina teu sakedik jalmi anu ngamomore pernikahan kitu bae jalaran henteu kagungan katurunan.

Para maos, akang kenal sareng saurang istri anu dikantunkeun ku carogena kumargi anjeuna henteu tiasa ngalahirkeun putra.Istri ieu lami pisan anjeuna hirup nyorangan bari jeung hentu dibayuan, kantenan dipondokan, kaperyogian lahir batina sama sakali henteu dicumponan ku pameget anu janten carogena eta. Namung istri ieu anjeun sabar ngatosan. Kangge nyumponan pangabutuh hirupna, kapaksa anjeuna ngadamel. Saur beja mah pameget ti rerencangan akang ieu tos lami nikah deui sareng istri anu sanes, malah mah tos nikah sababaraha kali sareng istri anu sanesna deui cenah. Kunaon kitu? Kumargi satiap pernikahanan anjeuna sareng istri anu mana bae oge, henteu ngahasilkeun katurunan. Rupina anu teu tiasa nurunkeun sanes pihak istri anu teu tiasa ngandung tapi pihak pameget anu mandul, anjeuna anu teu tiasa nurunkeun katurunan. Nalika istri ieu nikah deui sareng pameget anu sanes, kumargi pamohalan ngahiji deui sareng pamegetna anu tos nyelewang kitu,istri rerencangan akang ieu leres tiasa kagungan putra anu lucu pisan.

Para maos, memang teu sakedik jalmi anu nikah didasaran ku tujuan-tujuan anu lepat samodel kitu, hal eta anu ngabalukarkeun pacengkadan dina rumah tangga ngajurus kana pepegatan, anu jadi korban biasana diri aranjeuna nyalira, sajabi ti eta, upami tina hasil penikahan eta tos kagungan putra, putra anu janten korban baruntakna rumah tangga eta.

4. Pernikahan saleresna mangrupikeun rancangan Gusti Allah kumanten.

Para maos, kangge ngartos naon hartosna pernikahan anu saleresna numutkeun katangtosan Gusti Allah,  urang kedah ninggal patokan Gusti Allah dina nangtoskeun dadasar rumah tangga anu munggaran nyaeta rumah tangga manusa Adam sareng Hawa. Mangga urang perhatoskeun naon anu kacatet dina kitab Kajadian; anu kieu unggelna: “GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan." (Kajadian 2:18).

Anu peryogi diperhatoskeun ku urang ngalangkungan ayat ieu; anu kahiji: numutkeun Gusti Allah, “Pernikahan mangrupikeun hal anu hade”. Hal ieu peryogi ku urang diperhatoskeun kalayan husu sareng kedah disikapan kalayan bijak. Pernikahan sanes hal anu awon. Jalmi anu nikah mangrupikeun jalmi anu hade, sanaon memang aya jalmi anu ditangtoskeun ku Gusti kangge henteu tiasa nikah sakumaha anu disebatkeun ku rasul Paulus dina kitab 1 Korintus 7:7 anu kieu unggelna: “Saenyana sim kuring leuwih satuju lamun aranjeun cara sim kuring, teu karawin. Tapi da bakat urang ti Allah teh beda-beda, nu itu kitu nu ieu kieu.” hartosna memang nyondong jalmi anu ditangtoskeun ku Gusti Allah kangge henteu nikah. Namung katangtosan Gusti Allah; kangge jalmi anu nikah mangrupikeun hal anu hade oge. Hade didieu hartosna pernikahan teh hiji hal anu sapuk sareng rancangan Gusti, hiji hal anu hade jeung mangpaat kangge manusa anu ditangtoskeun kangge nikah. Tanpa ngaremehkeun jalmi anu ditangtoskeun Gusti kangge anu teu nikah.

Hal sanes anu peryogi diperhatoskeun dina bagian ayat ieu nyaeta ucapan Gusti Allah anu nyanggemkeun: “Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan." Hartosna yen pernikahan teh mangrupi rancangan Gusti Allah kumanten. Pernikahan sanes rekaan manusa, pernikahan sanes mung sabates kabutuh manusa, tapi pernikahan mangrupi program Gusti Allah. Para maos, memang saleresna pisan pernikahan teh mangrupi rancangan Gusti Allah, da dina kanyataanana anu namina cinta, kapan teu tiasa sagawayah cinta, sareng teu tiasa sambarangan nyantel ka sambarang jalma. Cinta anu sajadi dongkap jorojoyna pasti tina ati sanubari. Jorojoyna ati sanubari ieu, tangtos patali pisan sareng katangtosan rancangan Gusti Allah.

Di masyarakat nyondong carios perkawis siti nurbaya, anu dipaksa kadeh nikah sareng caroge anu dipilih ku ibu ramana, kapan urang pada uninga kumaha balukar tina pernikahan samodel kitu. Teu aya kabagjaan. Saur sepuh “jodo pati bagja jeung cilaka, pangeran anu nagtoskeunana”.

Dina pernikahan Adam sareng Hawa, Gusti Allah kumanten anu nganilai yen Adam teh teu hade nyorangan bae, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan." (Kajadian 2:18). Lajeng Gusti Allah kumanten oge anu ngajantenkeun Adam obo. Dina mangsa Adam nuju obo, Gusti Allah kumanten oge anu ngaluarkeun tina salira Adam tulang iga anu salajengna Gusti Allah oge anu ngadamel tulang iga eta janten saurang Istri anu dinamian Hawa anu bijadieun istri kangge Adam, tur Gusti Allah kuManten oge anu nepangkeun antawis Adam sareng Hawa. Mangga urang tinggal katerangan pangandika Gusti anu nerangkeun hal eta anu kacetet dina kitab Kajadian 2:21-22. “Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.

Para maos, dumasar kana hal eta, urang janten uninga yen pernikahan teh sanes sakadar kangge nyumponan tungtutan budaya, pernikahan sanes mung sakadar kangge nyumponan tungtutan birahi, pernikahan oge sanes sakadar kangge ngengingkeun katurunan, sanaos ngalangkungan pernikahan, sadayana eta tiasa kapibanda ku urang. Tapi pernikahan anu utami mangrupikeun rancangan atanapi program Gusti Allah kumanten. Gusti Allah kagungan wewenang anu panguluhurna dina satiap pernikahan urang.

Upami urang kagungan pangartosan samodel kitu, tur ngalarapkeunana pangartosan eta dina kahirupan rumah tangga urang, tangtos urang moal wantun ngamomore rumah tangga urang kitu bae, kumargi urang terang dina rumah tangga eta aya Gusti Allah. Tujuan Gusti Allah dina ngawangun rumah tangga teu aya sanes supaya urang silih sugemakeun hiji sareng anu sanesna sangkan kahirupan urang janten conto anu hade kangge jalmi anu sanes anu teu acan janten putra-putra Gusti, janten pasangan anu ngabakti ka Gusti. Upami urang kagungan pangartosan yen rumah tangga teh rancangan Gusti Allah, Dina waktos urang mayunan masalah jeung persoalan dina rumah tangga, urang moal gampang putus asa, tapi pasangan istri pameget eta bakal nyandak masalah jeung persoalan eta ka Gusti Allah anu tos ngarancang rumah tangga aranjena.

Pamugi paramaos saparantos ngaos bahasan ieu, uninga langkung jelas deui perkawis rumah tangga, tur ngalarapkeun kauninga eta dina kahirupam rumah tangga paramaos. Kangge jajaka atanapi parawan anu teu acan nikah, pesen akang anu ka 1. Poma ulah gurung gusuh nikah pedah tos aya umur, anu balukarna janten nikah sareng saha bae. Emut penikahan sanes mung kangge nyumponan tuntutan budaya tapi rancangan Gusti Allah. Urang kudu ngarumah tangga sareng jalmi anu tos ditangtoskeun ku Gusti Allah, di9antawisna sareng jalmi anu sami sami saiman. Pernikahan urang kedah diteguhkeun sareng diberkahan di payuneun Gusti ku para badegana. Anu ka 2. poma pernikahan urang ulah mung didasaran ku napsu birahi, jeung mentingkeun diri sorangan, kumargi pernikahan langkung mulya ti batan eta. Gusti ngaberkahan.

Terakhir Diperbaharui pada Rabu, 20 May 2009 09:33
 

Meja Redaksi

redaksiShalom, sahabat-sahabat eKasih

Puji Tuhan, sesuai dengan rencana maka mulai tanggal 5 Mei 2009 ini eKasih tampil dengan wajah yang lebih segar. Kami tahu bahwa ini masih perlu penambahan penambahan yang lebih baik lagi. Untuk itu setiap hari kami akan terus memperbaiki isi dari eKasih sehingga benar-benar dapat berguna dan menjadi berkat buat kita semua.

Sahabat yang rindu membantu pelayanan ini dapat mengirimkan bantuan ke rekening ekasih a/n Khristianto, no rek BCA 2671462001, bantuan berupa barang yang ingin disalurkan untuk memberkati banyak orang dapat dikirim ke alamat kami di Jl. Bengkulu Kav 434/M Cinere, Limo - Depok 12415.

 

Doa dan Konseling Online

My Yahoo Status
هيولای تبليغات

Ulti Clocks content
My Google Page Rank

GTranslate

Arabic Chinese (Simplified) Chinese (Traditional) Dutch French German Hebrew Indonesian Italian Japanese Korean Malay Portuguese Russian Spanish