You are here > Home e-Sunda URANG SUNDA NU JADI PENDETA
Sat 31 Jul 2010
URANG SUNDA NU JADI PENDETA PDF Cetak Surel
Ditulis oleh Administrator   
Sabtu, 09 May 2009 15:49

Dibandingkeun jeung jumlah urang Sunda sa Jawa Barat, memang teu acan pati seueur urang sunda anu jadi urang karesten, komo deui anu jadi pendeta mah, masih keneh bisa diitung ku ramo.

 

Diantara rengrengan pendeta-pendeta anu aya di kota Bandung, redaksi eKasih nepangan saurang pendeta asli urang Sunda, anjeuna gembala jamaah Gereja Utusan Pantekosta di Indonesia jemaat Pasundan anu merenahna di Bandung. namina pendeta Gideon Masri.

 

Nami pendeta Gideon Masri, asanamah tos teu bireuk deui kangge lingkungan jamaah Sunda sa Jawa Barat mah, dan bapa pendeta Gideon Masri mah sok sering diulem kangge ngawulangkeun pangandika Gusti dina acara reureuh taunan jamaah-jamaah Sunda, anu diluluguan ku Lembaga Pemahaman dan Penerepan Budaya Sunda (LPPBS).

Sajabi ti eta, suanten pendeta Gideon Masri oge ku kawula muda tiasa dikupingkeun dina radio, ngalangkungan hiji acara panalungtikan Alkitab, anu dipancarkeun ku Trans World Radio, KTWR Agana Guam dina gelombang 25 Meter, atanapi Frekuensi 11900 Kilohertz, unggal tabuh 17.30 Waktos Indonesia Bagian barat. Malah ayeuna mah dina acara TV local bandung, nyaeta televise STV, pa pendeta Gideon Masri teh sok mingpin acara gunem catur dina acara Gentra Kahuripan sareng pak Purnawan, anu disiarkeun dina unggal minggon tabuh lima sonten.

Redaksi eKasih teras maluruh; sajabi pa pendeta Gideon Masri mangku kalungguhan salaku pendeta gembala jamaah di gerejana GUPDI, sareng pelayanan anu kasebat tadi, pa Gideon Masri oge nyangking kalungguhan salaku ketua majelis wilayah 2 di jajaran sinodena. Malah aya jawatan-jawatan sanesna, diantawisna salaku ketua umum yayasan Agape crafe sareng sekretaris umum Yayasan YPUPI. Yayasan anu ieu mah nyaeta yayasan anu ngaluluguan sababaraha lembaga pelayan, diantarana pelayanan PEA, Institut Alkitab Tiranus, LRII, Paranavigator, sareng LPPBS.

Dina pelayanan Sunda, pendeta Gideon Masri sajabi salaku dosen di Tiranus kangge program Mitra Jamaah, anjeuna oge salaku saurang pengarang lagu rohani Sunda. Diantarana lagu-lagu karangan anjeuna tangtos sok diangge dina pakumpulan ibadah jamaah Sunda dina kabaktian-kabaktian. Diantarana lagu-lagu damelan anjeuna. Tos di kasetkeun dina album Anak domba Allah, album Putra raja anu dikaluarkeun ku LPPBS sareng album ibu Dian Sefti Endah anu judulna Allah panyalindungan. Malah ku alpukahna LPPBS, ayeuna pa Masri nuju nyiapkeun hiji deui album lagu rohani anyar kangge mapag dinten Paskah taun 2009, anu bakal kasorang.

Tangtos para maos hoyong uninga langkung tebih deui saha pendeta Gideon Masri teh, redaksi nyobi ngorek katerangan saha pendeta anu saurang ieu teh, tur redaksi mintonkeunana dina rohang kasaksian edisi ayeuna.

Pendeta Gideon Masri, anu lahir tanggal 13 Juni 1960, singhoreng lahir ti kulawarga muslim. Di hiji desa lengkob beulah kaler gunung Pasir batu Lawang, wewengkeun ieu meh sami ngajejer jeung gunung takuban parahu. Ari merenahna pisan mah nyaeta di kampung Citepus desa Cibitung, kabupaten Subang, Jawa Barat. Jadi gening anjeunateh budak desa anu jadi pendeta. Pendididkan sakola dasarna, direngsekeun di sakola dasar Negri Suka Maju anu aya dikampungna. Salaku putra cikal ti opat wargi sanesna, ti alit keneh pendeta Gideon Masri geus biasa misah ti ibu ramana kulantaran dirorok ku aki jeung ninina anu dina taun 1967 geus janten putra Gusti.

Ti leuleutik pa Masri geus biasa hirup sederhana,malah nuju sakola dasar mah, upami anjeuna angkat ka sakola, sok tara make sendal-sendal acan, sok komo sapatu mah; da dina jaman harita mah meh sadaya barudak sakola anu sanesna anu aya di kampong eta teu aya anu make sapatu. Malah pa guruna oge cukup mung ngangge sendal we, maklum urang kampung anu jauh ka bedug anggang ka dulag, jauhka jalan hideung.

Sabada tamat sakola dasar, anjeuna ku anu jadi akina diwiatkeun di hiji kulawarga karesten anu aya di kota Bandung sangkan bisa neraskeun sakolana. Dina ngajalan sakola, anjeuna geus biasa ngabagi waktu antara sakola jeung gawe di rumah tangga batur dimana anjeuna diwiatkeun ku akina tea, maklum cicing di imah batur, najan beurat tapi hal eta dilakonan kalayan satia mangtaun-taun lamina.

Pendidikan Teologiana pendeta Gideon Masri di sakola Alkitab Tawangmangu salami dua taun, tamat dina taun 1982.dina taun 1984, pa Masri sakola deui di STII Yogyakarta salami sataun. Sajaba di dua sakola eta pa Masri nungtut elmu, anjeuna oge sababaraha taun ngiring kuliah ti Intsitut Alkitab Tiranus. Malah ayeuna oge najan geus kaasup aya umur, masih keneh aya harepan kangge neraskeun sakola kapayunamah saurna.

Pa pendeta Gideon Masri, dina taun 1985 nikah sareng saurang mojang Subang, tina pernikahanana diberkahan 3 putra, anu cikal saurang putra pameget anu dingarana Nehemia Djati Prabawa, ayeuna geus kuliah di Unipersitas Kristen Maranatha sedengkeun anu ka dua saurang putri anu dingaran Susana Angrit Pratiwi, ayeuna geus kelas hiji SMA di sakola Kristen Trimulia, sedengkeun putra anu bungsu nyaeta saurang pameget deui anu dinamian Mikha Aras pranata masih keneh sakola di sakola dasar kelas genep.

Upami ku urang diperhatikeun, katilu putrana aya nami tina tangkal kai. Jati,Angrit, sareng Aras. Redaksi nyobi naros naon hartosna eta sadaya, sareng naon maksudna? Ari saurna; sadaya murangkalin dipasihan nami tangkal kai, mangrupikeun harepan sangkan katilu putrana ieu, engkena janten lir ibarat pakakas anu mangpaat kangge kamulyaan Gusti lir ibarat pakakas anu didamel tina tangkal kai jati, angris sareng Aras.

Salajengna redaksi eKasih naroskeun naha aya pesen kangge kawula muda? Saur pendeta Gideon Masri; Kawula muda Kristen Sunda teh mangrupi Tuhan gereja dina mangsa anu bakal datang, eta margina, kedah giat dina sakola, lantaran ilmu ti sakola anu bakal mekelan kawula muda dina mangsa kahareun anu sakitu loba persaingan dina kahirupan. Kawula muda oge kudu giat dina ngahontal cita-cita meungpeung keur ngora, kulantaran aya mangsana kasempetan eta leungit. Anu pangutamana tina sadayana eta, kawula muda Kristen Sunda kedah satia ka Gusti, jaga hirup suci, ulah kababawa pergaulan anu teu puguh saperti mabok,narkotik, atawa ugal-uagal. Upama rek ngawangun rumah tangga kudu jeung anu sami putra Gusti deui, jeung upami pernikahan kudu diberkahan di gereja. Kawula muda anu tos damel, kudu damel giat, satia jeung rajin. Tangtu ku Gusti bakal diberkahan.

Terakhir Diperbaharui pada Rabu, 13 May 2009 22:10
 

Meja Redaksi

redaksiShalom, sahabat-sahabat eKasih

Puji Tuhan, sesuai dengan rencana maka mulai tanggal 5 Mei 2009 ini eKasih tampil dengan wajah yang lebih segar. Kami tahu bahwa ini masih perlu penambahan penambahan yang lebih baik lagi. Untuk itu setiap hari kami akan terus memperbaiki isi dari eKasih sehingga benar-benar dapat berguna dan menjadi berkat buat kita semua.

Sahabat yang rindu membantu pelayanan ini dapat mengirimkan bantuan ke rekening ekasih a/n Khristianto, no rek BCA 2671462001, bantuan berupa barang yang ingin disalurkan untuk memberkati banyak orang dapat dikirim ke alamat kami di Jl. Bengkulu Kav 434/M Cinere, Limo - Depok 12415.

 

Doa dan Konseling Online

My Yahoo Status
هيولای تبليغات

Ulti Clocks content
My Google Page Rank

GTranslate

Arabic Chinese (Simplified) Chinese (Traditional) Dutch French German Hebrew Indonesian Italian Japanese Korean Malay Portuguese Russian Spanish